Senin, 02 September 2013

USUM HUJAN

Halow baraya Sindangwangi, lamun ngomongkeun soal hujan, uing mah kadang sok hayang ngacaprak yeutéh haha..., jadi kieu ari hujan kan sok kadang nyésakeun carita. Aya bungah, sedih, aya ogé nu teu mungkin atawa absurd ceuk bahasa keren na mah.

Domba-na Mang Iwing leupas. Pas kapanggih, sihoréng keur huhujanan terus kukurilingan di na tangkal nangka di kebon. Sigana éta domba weureu nongton pelem India meureunan

Usum hujan taun ieu di sababaraha titik lembur Sindangwangi loba pisan cileuncang malah walungan Cijéjéng mah banjir kiruh pohara gedéna. Lain éta baé, hujan kadang sok dibarengan jeung dor-dar guludug nu sakitu peureusna, orokaya matak kamari warga urang aya nu jadi korban guludug 2012, duh Gusti mugia anjeuna di tampi iman islamna diluaskeun alam kuburna sareng disabarkeun/disadarkeun nu dikintunkeunana termasuk urang saréréa amin... Amin dak...!! Good bye mang Soleh, surga menunggu mu

Balik deui ka masalah hujan, walungan Cijéjéng wétaneun imah uing banjir saluhureun bitis jalma dewasa.
Loba barang warga nu paralid kitu deui salah sahijina sempak admin ogé milu palid, malah kaum jomblo écék-écék ogé loba nu milu palid tilelep.
Basa petugas SAR rék nyalametkeun éta kaum, maranéhna malah nolak bari ngagorowok: ''Lepasin gue, lepasiiin! Biarkan
gue terhanyut bersama sungai Cijéjéng ini menemukan cinta sejati gue'' hakhakhak...

Heu'euh memang uing nénjo intensitas hujan minggu-minggu terakhir ieu gedé/deras pisan, sigana éta salah sahiji penyebab ningkatna volume cai di walungan.
Ngan uing yakin derasna hujan nu turun, teu saderas ngeclakna cimata maranehna nu cinta-na digembrong rorongo usikbari, lantaran can payu-payu ogé. :|
Najan kitu, uing ogé yakin ka maranéhna nu cintana digembrongan, volume kasabaranana bakal terus nambah sairing waktu nu diperlukeun keur nununggu jodona.

Ngan asa teu bijak ogé euy lamun ukur nyanyalahkeun hujan, lantaran da kanyataannana loba hawangan/saluran cai nu mampet gara-gara runtah nunumpuk, nu matak nyababkeun cileuncang/banjir di sabaraha titik lembur.
Meureun bisa jadi kieu runtah-runtah harepan kosong nu dipiceun ka hawangan ku nu bogana, runtah kaémut nu ngabusuk lantaran teu kunjung pa'amprok, atawa runtah cinta-cinta nu diacuhkeun gebetannana.

Uing didieu ngan saukur ngaharepkeun, geura piceunlah galau ka na tempatna, ulah nepi ka pahili!

Hujan nyisakeun sedih keur maranehna nu kaleungitan hartana.
Komo keur maranéhna nu kaleungitan cintana.
Untung uing mah ngan saukur kaleungitan sempakna da ari cinta mah geus puguh leungit ti heula

Loba lalaki huhujanan dijalan, ngan saukur nyamarkeun cimata nu kaluar ti matana. (Ieu hiji cara ngakamuflasekeun ka-cémén-an si lalaki)
Kitu deui loba awéwé ngahuleng ngajentul di gigireun jandela bari nyenyekel pageuh kado terakhir ti kabogohna.
Dina gerentes hatena ngomong kieu: ''Semoga rasa ini hilang perlahan, seperti hujan perlahan menghilangkan debu di dedaunan''
(Teu karasa lého ngeclak ka na biwir…Hap…Hap…! terus dilétak) koheeek cuih

Geus ah bersambung

Tidak ada komentar:

Posting Komentar