Jujur uing mah asa geuleuh euy nempo cara barudak ngabuburit jaman ayeuna, mun maranéh nempo ayeuna dijalanan sob, lailoooh..!!
Macét pisan cuuuy, PARAH!
Heueuh kadinya namah..
Maklum ogé sih, ayeuna kan Romadhon, jadi wajar loba nu ngabuburit téa.
Tapi nu matak uing teu habis
pikir mah yeuh, nya kunaon gening loba ngabuburit nu absurd?
Contona ngabuburit bari kebut-kebutan atawa balalapan motor, ngabuburit bari bobogohan, nangkod dibonceng di motor bari jeung kenyoy-kenyoy adek anuna, ngabuburit bari nongkrong di panci kolak cau, awas teuing mun pahili jeung cauna, ah nanaon deui ieu admin?
Ayeuna manéh ngabuburit bari kebut-kebutan motor?
Nya cik atuh mikir Ieu nilai ibadahna dimana geura sob?
Dimanaaa dimana dimana?
*Geura tanya Ayu Tingting!*
hakhakhak...
Mun kitu mah lain ngabuburit nungguan bedug maghrib atuh sob, tapi ngabuburit nungguan dijemput malaikat deuleu, atawa ngabuburit nungguan dijemput aparat polisi kitu cara namah.
Mun hayang ngabuburit bari balapan, cik atuh balapan nu positif jeung mangfaat sob!
Misalna yeuh milu kagiatan PESANTREN RAMADHAN bari balapan ngudag perhatiana panitia awéwé, hihihi...
Switwiiiit *sah..*
Kabeneran yeuh ayeuna Remaja Masjid Sindangwangi taun ieu ngayakeun deui kagiatan PESANTREN RAMADHAN nu tempatna di Masjid Ja'mi Alhidayah desa Sindangwangi.
Alhamdulillah peserta nu tos daftar tos aya ka 100 urang na leuwih, cukup daftar lima rebu rupiah meunang ilmu mangfaat, kalakuan moal bejat bonus tabungan akherat, bener teu?
Ok balik deui ka soal cara ngabuburit barudak jaman ayeuna, Salain balapan nu tos disebutkeun ku uing tadi, ngabuburit nu anéhna deui nyaéta ngabuburit bari mojok bobogohan di taman kota!
Teu percaya? Soook geura ténjo cék di sabudereun Alun-alun Majalengka. *bah hareupna soook!*
*Ieu uing siga intelijen BIN –>
Brigade Intip me-Ngintip*
Manéh kan apal yén puasa téh ibadah, sedengkeun mojok mah kan “ihparah”,
Sooob..Sob..!
*Sok suci pisan nya uing?
Hakhakhak..! -muncrat aneka ragam jigong-*
Siga-siga kieu gening manéh mah ibaratna aliran moderat, satengah dosa dimixing ku satengah pahala, jadina manéh mah aliran abu-abu.
Basa manéh dipaksa pikeun beraliran bodas, terus manéh kalah ngamuk bari ngajerit:
“Embuuung..! aing teu hayang jadi jalma suci sautuhna!”
''Aing hayang hirup aing noda ku dosa, aing hayang dosa!
Nodai aing..Nodai aiiing..!'' *gubrak* salam berkokok
#Ket Poto :
Tampak Kang Indi salah saurang panitia Pesantren Ramadhan keur nyusun huruf-huruf dina spanduk mantuan uing nu keur fokus nulis huruf perhurufna
Tidak ada komentar:
Posting Komentar