Senin, 02 September 2013

CARITA UING

Harita basa kuring wudu di hiji musholla Mall di Cirebon tempat kuring biasa méjéng.
Di gigireun uing gé aya jalma nu sarua keur wudu. Éta jalma teuing ngahaja-haja atawa memang kudu siga éta cara manehna wudu nu matak cai wudu-na terus-terusan cuprat-ciprat nyebrét ka na baju uing. Jujur asa hayang nyarék/ngambek ka éta jalma sabenarna, ngan teu bijak asana téh, nya enya piraku uing kok siga nu ngahalangan jalma nu rek ibadah. Toh, uing wudu ogé pasti baseuh da.

Saréngséna sholat, kusabab ruangan musholla nu leutik, biasana jama'ah nu tos sholat berjama’ah langsung mundur méré kasempetan ka nu lain keur berjama’ah.
Kuring nu masbuk tangtu acan ngatungtaskeun sholat uing. Eeeh, di tukang tos aya nu iqamat. Uing can rébés, cuy! Kitu gerentes haté uing, duh jadi wé teu khusu. Hayang nyarék sabenarna, ngan piraku’ heu'euh sholat kudu ngambek? Toh, da kanyataanna maranéhna teu ngagésér tempat uing, haha.

Kitu deui basa balik méjéng, hujan ujug-ujug/kaligané turun tapi nanggung. Gede henteu leutik henteu, jadi wé bécék cileuncang dimana-mana. Padahal motor uing karék pisan disteam, maklum da rék dipaké méjéng téa, da ari biasana mah motor téh budugan . Hayang ngambek sabenarna, ngan uing sieun engké termasuk kana golongan jalma-jalma nu disebut ''lari dari rahmat''. Toh, motor bisa dikumbah deui, sabun colek masih loba di imah heuheu...

Nepi di imah, beuteung asa ngoét ''kukurubukan'' ménta dieusian, eeeh, elpiji ngadat, si tétéh gé can masak. Si alo imut langsung ménta digandong, padahal acan ogé diuk.
Hayang ngambek sabenerna, ngan apanan uing indit ka Mall téh mangmeulikeun baju tujuanna keur ngabahagiakeun/nyenengkeun manéhna nu jadi alo. Lamun uing balik terus nyarék ka manéhna, berarti tujuan uing teu tercapai, dong? Bener teu?

Nya kitu deui kuing iinditan poé ieu gé kamacétan geus dimana-mana. Hayang nyarék sabenarna mah, ngan rék mencét klakson satarik naker gé da moal ngarah aya nu méréan jalanna keur uing. Da puguh ogé klakson uing téh ngadat tai hiangan, jeung deui da nu lain gé geus mewakili uing keur mencét klakson.

Terakhir, soré ieu geus pasti huleng jentul teu pupuguh, tulas-tulis carita euweuh gawé. Hayang ngambek sabenerna mah, ngan uing sieun dibalédog sapu ku nu jadi indung gakgakgak....

Faktana, dina satengah poé baé aya loba hal nu matak urang saréréa sok kadang hayang nyarék/ngambek sabenarna, ngan think again!, apakah kita memang harus beneran marah?

Terus waktu mbaca initéh, barangkali kamu-kamutéh ingin marah sebenarnya kepada sayah? tapi… cuek aja lah! Kabooorrr….



Tidak ada komentar:

Posting Komentar