Mun merhatikeun papakean nu diparake batur di na lebaran ieu, uing mah asa jadi garetek hayang nulis, nulis sesuatu tentang diri uing, dibaca nyah!!
Uing teu apal benerna kumaha, nu jelas mah waktu aya jadwal pembagian sifat jeung watak jalma ti nu Maha kawasa, uing mah kabagianna watak nu nyleneh, aneh, teu umum jeung batur. Mun ceuk basa keren na mah anti-mainstream uing teh
Conto leutikna kieu, ''Calana Pensil''. Taun-taun ka tukang basa keur booming nu ngarana calana pensil (boh pensil 2B, HB, boh pensil warna) ckckck. Calana pensil ieu bentukna nya siga pensil : badag/gombrang di luhur, merecet di handap. Mun calana cutbray (calanana Elvis Presley) heu'euh apanan merecet di luhur gombrang di handap, tah lamun calana braycut? Baraycut mah gombrang di luhur, merecet di handap. Nu leuwih ekstrem deui mah ngarana skinny jeans cenah nu suueeemmpiiitt, mliithiiitt, mereceeet, meteteeeet pisan pokokna mah. Istilahna full pressed body kitu lah
Dina hebohna usum loba jalma mareuli calana nu model kararitu patut (meh gaul cenah mah), uing mah justru ngahindar calana kitu teh. Kahiji, uing mah asa karunya ka my little (but strong) brother mun kudu ngahephep bae di ruangan nu sempit jeung kadedetkeun kitu teh.
Kitu deui, nu kadua uing mah ngabayangkeun cara mamakena bae geus serem sieun, sieun peureus lecet kabeh suku uing, maklum suku uing mah berbulu nepi ka leungeun-leungeun geura. Komo mun ngudaranna pas kebelet hayang be'ol geus di ujung palangkakan. Waduuuh bisa-bisa semburan magma bucar-bacer kamana-mana lantaran ripuh muka calanana
Jeung deui, lantaran model nu karitu geus ngabludak loba nu make. Soook geura tenjo di pasar, di angkutan umum, di pom bensin, di WC Umum, nepikeun di sakola siswa lalakina sareneng marake calana abu-abu nu ngahaja dibraycutkeun padahal aslina eta calana seragam sakola da teu kitu, pokona mah dimana-mana kabeh marake calana braycut tea. Sedengkeun ari uing boga watak teu seneng mamake sesuatu nu terlalu loba dipake batur. Jadi nya nepi ayeuna geh uing mah can pernah make (boh meuli dewek boh maling di popoean tatangga) calana pensil, eh tapi nginjeum mah pernah sih hehe... Ngan nya kitu buru-buru diporosotkeun deui da teu kuat ku eraaaa :$
Ngomongkeun calana, ti mimiti uing leutik keneh ( masih unyu-unyu) nepi ka ayeuna remaja dan sekeren ini uing mah da asa leuwih resep mamake calana pondok maksimal satuur, minimal nya sapondok-pondokna, hotpants geh uing boga da. Keur urusan hotpants khusus uing make paranti peuting (nu geus mikir mikir yen ari peutingna uing mangkal, siap-siap dibaledog ku uing). Hotpantsna oge atuh da lain ti na jeans nu sok dipapake awewe kitu. Ngeunah bae.. Sok dusun emangnya akika cowok apaan, booo…
Uing mun make calana panjang ge pilihanna ngan aya tilu : calana kargo/semi-jeans, calana jeans standar atawa calana alusan (ceuk batur mah calana kain, padahal mah kabeh calana mah memang da kain ). No pencil pants (ieu lain bahasa Inggrisnya?), braycut pants, or hipster pants. Just short.
Hal mainstream nu lianna ngeunaan alas kaki (sendal atawa sapatu). Uing teu apal tepatna, nu jelas mah ceuk panenjoan uing jalma-jalma jaman ayeuna nu karek manggih gaya, cuih... Ayeuna keur trend mamake sendal jepit surfer ku branding khas surfer (Quicksilver, Billabong, Spyderbilt, jeung rea deui). Mun sapatu uing nepi teu apal ayeuna keur booming nu model siga kumaha. Nu jelas nepi ayeuna uing tetep leuwih seneng make sendal tali resmi atawa sapatu santai casual asa leuwih simpel weee rasa teh, bener teu? Ah Teu usum? Teu model? Teu stylish? Teu masalah, kajeun teuing, kumaha uing, tibatan maraneh marake kaos nu tulisan sablonna ngaran ''KEHED'' mani usum serempak loba nu marake, asa geuleuh ih wkwkwk...
Terakhir ngeunaan Gadget. Mun nu ieu uing mah yakin pasti loba pisan jalma nu mati-matian mengikuti perkembangan mode atawa gaya pamakean gadget.
Uing geh da sarua ngikuti oge sih, ngan mun geus mulai usum loba nu make uing mah embung.
Harita basa booming usum hape qwerty, uing tetep satia kana tombol biasa. Alesanna? Era atuh da sarua siga jeung batur. Basa booming Blackberry barudak SD, barudak ABG (nepikeun tukang ngajaga WC Umum oge bogaeun BB) jadi asa hoream deui makena lantaran jujur asa geus leungit nilai eleganna eta hape, hari gini pake Bebe capek deeeh hehe, ayeuna uing leuwih milih make android nu touchscreen. Ngan nya kitu asa geus mulai menjamur deui bae yeuteh, geus mulai karasa era mamakena, next target uing selanjutna nyaeta Windows Phone, mumpung can loba nu make, ngan nya kitu mun engke aya nu tuturut munding nurutan uing, kaligane booming usum dimana-mana ku uing rek ditinggalkeun eta hape, uing leuwih milih ka hape jadul bae, target uing Nokia 320i, asa kaingetan ku tagline iklan mangsa baheula ''begitu kecil begitu cerdas'' insya Allah make hape eta mah moal umum jeung batur teuing
Nya kitu da uing mah alesana lantaran uing mah teu seneng, teu nyaman, lamun mamake barang nu geus umum pisan dipake ku loba jalma jeung barangna keur booming. Asa kampungan. Sakali deui asa K A M P U N G A N
Kasimpulanna, uing kadang panasaran ku watak uing ieu. Teu jarang uing sok diomongkeun batur-batur uing lantaran teu saprinsif dina hal gaya (teu umum jeung maranehna), dibaledogan tomat, digabigkeun ka wahangan, dibebeskeun kana tong sampah, teu gaul tibatan batur-batur uing. Da kumaha uing sorangan justru ngarasa aneh lamun mamake barang nu sarua dipake hampir ku sakabeh jalma, justru kesan uing asa karasa norak. Aneh nyah uing?
Bae ah, aneh tapi keren kan?
Tidak ada komentar:
Posting Komentar