Senin, 02 September 2013

PANINEUNGAN KURING MAEN LANGLAYANGAN


Maén Langlayangan mangrupakeun salah sahiji hobi kuring basa harita budak kénéh, salain maenbal jeung sasapedaan.
Di desa Sindangwangi (lembur kuring nu jarakna 18 km ti pusat kota Majalengka) di lembur ieu basa harita maén langlayangantéh sering ku kuring maénkeun jeung pada batur-batur nu sapalantaran. Nincak ka SMP, kitu deui hobi ieu henteu ditinggalkeun ku kuring. Di bah kiduleun imah kuring di sabudereun blok pon turki alias turunan kidul
hehe... aya hamparan sawah nu kalintang legana ngarana sawah lega atawa umumna jalma leuwih loba nyebutna hulu dayeuh, Ieu tempat mangrupakeun salah sahiji “arena” nu alus pikeun maraén langlayangan pangpangna kitu gé salain tempatna aya di area nu luas tur di alam namprak ogé gelebug angina nu cukup gedé tur stabil pikeun ngapungkeun langlayangan, komo deui ditambah panorama alam sabudereunana nu sakitu éndahna, gunung ciremai nu ngajulang luhur ka ténjo di bah kidul siga nu adu paluhur-luhur jeung langlayangan nu ku kuring diapungkeun.
Kagiatan arulin ieu matak mawa rasa gumbira jeung tngtu baé ngajalin interaksi antar sakabéh sobat kuring nu milu maén langlayangan.
Nénjo langlayangan luar-léor di luhur bari dilataran ku gunung Ciremai jeung méga biru matak mawa rasa sensasi keur diri kuring. Suasanana bakal nambah ramé basa kuring jeung pada batur silih adu langlayangan. Kenur atawa senar tempat pikeun meungkeut langlayangan memang geus dipersiapkeun pikeun tarung atawa ngadu di luhur. Dibutuhkeun katarampilan diri pikeun mampu megatkeun kenur lawan. Lamun aya salah sahiji langlayangan nu pegat, biasana kuring jeung pada batur ramé sorak-sorakan bungah nyambut kameunangan éta.
Duh Gusti lembur
Sindangwangi matak waas kana ati.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar