Enya pisan, mun uing nempo taglinena mah alus pisan da tateh,…Partai Dakwah…..
(buset daaaahhhhh, dagoan nya.. Uing rek pingsan heula) ah, apal definisi dakwah? Jero pisan lain ?. trus, apal saha nu pantes dakwah??….(nu jelas mah uing teu kaasup) da uing mah teu bisa ceramah di muka umum, bisana nulis, maklum eraan hehe... Sok sanajan uing siga kieu, ngan otak uing masih waras. Nu ngarana jalma berdakwah kuduna jalma nu bener, minimal tingkah polahna sesuai jeung omongannana. Di pikiran uing, nu ngarana ustad teh nya…jalmana taat, bageur, alim, jst, jst.
lah mun aya jalma2 nu ngaku2 pinter agama, dakwah diditu-didieu, ai pek sihoreng MALING kabeh.
Geus dititah tah balikeun deui hasil MALINGNA MANEHNA….masih wae rudet……
IEU NU GELO SAHA SIIIIIH? Duh, geura sok cek di google, mun aya maling alias munaafikun alias kutu kupret rek nyalonkeun jadi pamimpin terus ternyata sukses….…. Nu gelo berarti … nu milih. ……
hahahaha…. ngarti lain maksud uing?
Ayeuna uing sieun bener lamun nempo spanduk2 partai dakwah di pinggir jalan, sieun uing mah katepaan gelona…..hahahaha
Tidak ada komentar:
Posting Komentar