Senin, 02 September 2013

MINGGU PAGI DI DESA SINDANGWANGI

Kongkorongooook ups Kukuruyuuuuukkkkkk…. Btkok btkok btkok suara ayam bangkok peliharaan Mang Rohim berkokok menggelegar di seantero desa Sindangwangi, menggema dari pohon satu ke pohon yang lain kemudian disahuti oleh ayam betina dari kandang bujangan kang Jamal yang tak ingin ketinggalan menyambut fajar pagi. Perkutut kesayangan kang Pulung pun ikut menyemarakan indahnya pagi di Desa Sindangwangi.

Sindangwangi mewangi… bunga-bunga bermekaran menyambut pagi wangi semerbak disana sini, semua penghuni menggeliat…. bersemangat menyambut mentari yang akan terbit dari ufuk timur.
Sorabi sorabiiii, sorabina sorabina ceu a..., sarorabiiiii……….. Ada suara orang di luar rumah sana, harum sorabi oncom goreng buatan tetanggaku Kang Ocos yang dijual keliling oleh ibunya yang bernama Bi Aruti menyelusup lewat fentilasi jendela yang dijual keliling “amboooy lapernya.!”
Dan akupun berdo’a penuh harap, semoga sorabinya masih bisa kebagian maklum sorabi kang Ocos laris manis, beruntung untuk mereka yang masih sempat kebagian sorabinya seperti aku saat ini yang juga beruntung mendapatkannya, alhamdu.....??

''Ma, Yudi mau beli minyak wangi dulu ke warung Ceu Eti''
''Lho memang mau kemana pagi-pagi beli minyak wangi''?
Lho ibu, ini kan minggu pagi, yudi pengen pakai yang wangi-wangi biar di taksir sama neng Nori hehe... biar tidak kalah bersaing dengan jombloer-jombloer desa yang lain Ma hehe...” Aku menjelaskan sambil ku hangatkan motor maticku buat pergi ke warung ceu Eti nanti.
“Memang ada persaingan seperti apa, di desa sedamai ini?”
“Ah…mama.., persaingan ini kan sudah menjadi rahasia bersama..”
“Tapi kamu tidak bermusuhan kan?…..tidak saling membenci kan?” mama begitu cemas, beliau khawatir, setelah sekian lama bertahun-tahun tinggal di desa ini, memang kami begitu menikmati ketentraman dan kedamaiannya dan mama tidak ingin kehilangan itu semua…
“tenang saja ma….., di sini persaingannya sehat kok, semua tetap bersahabat…
desa Sindangwangiiiii…….” Ujarku sambil ku pacu motor maticku menuju warung Ceu Éti.

Tuing…tuing..tuing…. Ringtone semangat pagi ala JKT48 pocari sweat HP ku berdering…
1 pesan masuk, ku buka pesan itu, di situ tertulis “Ada rental Rental Komputer murah di A Arif Sindangwangi, dalam rangka promosi kiosnya yang baru, di tunggu…”
Tuing…tuing…tuing……. Berdering lagi
1 pesan masuk, “MUSAWAROH UNTUK MENENTUKAN SIAPA JODOH ABAH KADES, PUKUL 19.00 DI POS RONDA GADA”
Tuing…..tuing..tuing…. Berdering lagi
1 pesan masuk
“kirimi saya pulsa Rp 5000 saja, bayarnya kalau saya mudik pulang kampung, ttd Kang Kuncung
Lho lho lho dasar semprul, jauh-jauh di pulau seberang, beli pulsanya hanya 5 ribu, ngutang lagi, pantesan lebih sering upload puisi dari pada cerpen, pasti karena ngirit pulsa….. Hahaha...

Selamat pagi Desa Sindangwangi…….
Tetaplah seindah dan seharum bunga mewangi, karena masih kunikmati kedamaianmu…
Salam BErkokok
Foto: KAMIS PAGI DI DESA SINDANGWANGI
Oleh: YUdi BErkokok

Kongkorongooook ups Kukuruyuuuuukkkkkk…. Btkok btkok btkok suara ayam bangkok peliharaan Mang Rohim berkokok menggelegar di seantero desa Sindangwangi, menggema dari pohon satu ke pohon yang lain kemudian disahuti oleh ayam betina dari kandang bujangan kang Jamal yang tak ingin ketinggalan menyambut fajar
pagi. Perkutut kesayangan kang Pulung pun ikut menyemarakan indahnya pagi di Desa Sindangwangi.
Sindangwangi mewangi… bunga-bunga bermekaran menyambut pagi wangi semerbak disana sini, semua penghuni menggeliat…. bersemangat menyambut mentari yang akan terbit dari ufuk timur.
Sorabi sorabiiii, sorabina sorabina ceu a..., sarorabiiiii……….. Ada suara orang di luar rumah sana, harum sorabi oncom goreng buatan tetanggaku Kang Ocos yang dijual keliling oleh ibunya yang bernama Bi Nary, menyelusup lewat fentilasi jendela yang dijual keliling “amboooy lapernya.!”
Dan akupun berdo’a penuh
harap, semoga sorabinya masih bisa kebagian maklum sorabi kang Ocos laris manis, beruntung untuk mereka yang masih sempat kebagian sorabinya seperti aku saat ini yang juga beruntung mendapatkannya, alhamdu.....??
''Ma, Yudi mau beli minyak wangi dulu ke warung Ceu Eti''
''Lho memang mau kemana pagi-pagi beli minyak wangi''?
Lho ibu, ini kan kamis pagi, yudi pengen pakai yang wangi-wangi biar di taksir sama neng Nori hehe... biar tidak kalah
bersaing dengan jombloer-jombloer desa yang lain Ma hehe...” Aku menjelaskan sambil ku hangatkan motor maticku buat pergi ke warung ceuti nanti.
“Memang ada persaingan seperti apa, di desa sedamai ini?”
“Ah…mama.., persaingan ini
kan sudah menjadi rahasia
bersama..”
“Tapi kamu tidak bermusuhan kan?…..tidak
saling membenci kan?” mama begitu cemas, beliau khawatir,
setelah sekian lama bertahun-tahun tinggal di desa ini, memang kami begitu menikmati ketentraman dan
kedamaiannya dan mama tidak ingin kehilangan itu semua…
“tenang saja ma….., di sini persaingannya sehat kok, semua tetap bersahabat…
desa Sindangwangiiiii…….” Ujarku sambil ku pacu motor maticku menuju warung Ceu Éti.

Tuing…tuing..tuing…. Ringtone semangat pagi ala JKT48 pocari sweat HP ku berdering…
1 pesan masuk, ku buka pesan
itu, di situ tertulis “Ada rental Rental Komputer murah di A Arif Sindangwangi,
dalam rangka promosi kiosnya yang baru, di tunggu…”
Tuing…tuing…tuing…….
Berdering lagi
1 pesan masuk, “MUSAWAROH
UNTUK MENENTUKAN SIAPA JODOH ABAH KADES, PUKUL 19.00 DI POS RONDA GADA”
Tuing…..tuing..tuing…. Berdering lagi
1 pesan masuk
“kirimi saya pulsa Rp 5000 saja, bayarnya kalau saya mudik pulang kampung, ttd Kang Kuncung
Lho lho lho dasar semprul, jauh-jauh di pulau seberang, beli pulsanya
hanya 5 ribu, ngutang lagi,
pantesan lebih sering upload
puisi dari pada cerpen, pasti
karena ngirit pulsa….. Hahaha...
Selamat pagi Desa Sindangwangi…….
Tetaplah seindah dan seharum bunga mewangi, karena masih kunikmati kedamaianmu…
Salam BErkokok

CARITA UING

Harita basa kuring wudu di hiji musholla Mall di Cirebon tempat kuring biasa méjéng.
Di gigireun uing gé aya jalma nu sarua keur wudu. Éta jalma teuing ngahaja-haja atawa memang kudu siga éta cara manehna wudu nu matak cai wudu-na terus-terusan cuprat-ciprat nyebrét ka na baju uing. Jujur asa hayang nyarék/ngambek ka éta jalma sabenarna, ngan teu bijak asana téh, nya enya piraku uing kok siga nu ngahalangan jalma nu rek ibadah. Toh, uing wudu ogé pasti baseuh da.

Saréngséna sholat, kusabab ruangan musholla nu leutik, biasana jama'ah nu tos sholat berjama’ah langsung mundur méré kasempetan ka nu lain keur berjama’ah.
Kuring nu masbuk tangtu acan ngatungtaskeun sholat uing. Eeeh, di tukang tos aya nu iqamat. Uing can rébés, cuy! Kitu gerentes haté uing, duh jadi wé teu khusu. Hayang nyarék sabenarna, ngan piraku’ heu'euh sholat kudu ngambek? Toh, da kanyataanna maranéhna teu ngagésér tempat uing, haha.

Kitu deui basa balik méjéng, hujan ujug-ujug/kaligané turun tapi nanggung. Gede henteu leutik henteu, jadi wé bécék cileuncang dimana-mana. Padahal motor uing karék pisan disteam, maklum da rék dipaké méjéng téa, da ari biasana mah motor téh budugan . Hayang ngambek sabenarna, ngan uing sieun engké termasuk kana golongan jalma-jalma nu disebut ''lari dari rahmat''. Toh, motor bisa dikumbah deui, sabun colek masih loba di imah heuheu...

Nepi di imah, beuteung asa ngoét ''kukurubukan'' ménta dieusian, eeeh, elpiji ngadat, si tétéh gé can masak. Si alo imut langsung ménta digandong, padahal acan ogé diuk.
Hayang ngambek sabenerna, ngan apanan uing indit ka Mall téh mangmeulikeun baju tujuanna keur ngabahagiakeun/nyenengkeun manéhna nu jadi alo. Lamun uing balik terus nyarék ka manéhna, berarti tujuan uing teu tercapai, dong? Bener teu?

Nya kitu deui kuing iinditan poé ieu gé kamacétan geus dimana-mana. Hayang nyarék sabenarna mah, ngan rék mencét klakson satarik naker gé da moal ngarah aya nu méréan jalanna keur uing. Da puguh ogé klakson uing téh ngadat tai hiangan, jeung deui da nu lain gé geus mewakili uing keur mencét klakson.

Terakhir, soré ieu geus pasti huleng jentul teu pupuguh, tulas-tulis carita euweuh gawé. Hayang ngambek sabenerna mah, ngan uing sieun dibalédog sapu ku nu jadi indung gakgakgak....

Faktana, dina satengah poé baé aya loba hal nu matak urang saréréa sok kadang hayang nyarék/ngambek sabenarna, ngan think again!, apakah kita memang harus beneran marah?

Terus waktu mbaca initéh, barangkali kamu-kamutéh ingin marah sebenarnya kepada sayah? tapi… cuek aja lah! Kabooorrr….



USUM HUJAN

Halow baraya Sindangwangi, lamun ngomongkeun soal hujan, uing mah kadang sok hayang ngacaprak yeutéh haha..., jadi kieu ari hujan kan sok kadang nyésakeun carita. Aya bungah, sedih, aya ogé nu teu mungkin atawa absurd ceuk bahasa keren na mah.

Domba-na Mang Iwing leupas. Pas kapanggih, sihoréng keur huhujanan terus kukurilingan di na tangkal nangka di kebon. Sigana éta domba weureu nongton pelem India meureunan

Usum hujan taun ieu di sababaraha titik lembur Sindangwangi loba pisan cileuncang malah walungan Cijéjéng mah banjir kiruh pohara gedéna. Lain éta baé, hujan kadang sok dibarengan jeung dor-dar guludug nu sakitu peureusna, orokaya matak kamari warga urang aya nu jadi korban guludug 2012, duh Gusti mugia anjeuna di tampi iman islamna diluaskeun alam kuburna sareng disabarkeun/disadarkeun nu dikintunkeunana termasuk urang saréréa amin... Amin dak...!! Good bye mang Soleh, surga menunggu mu

Balik deui ka masalah hujan, walungan Cijéjéng wétaneun imah uing banjir saluhureun bitis jalma dewasa.
Loba barang warga nu paralid kitu deui salah sahijina sempak admin ogé milu palid, malah kaum jomblo écék-écék ogé loba nu milu palid tilelep.
Basa petugas SAR rék nyalametkeun éta kaum, maranéhna malah nolak bari ngagorowok: ''Lepasin gue, lepasiiin! Biarkan
gue terhanyut bersama sungai Cijéjéng ini menemukan cinta sejati gue'' hakhakhak...

Heu'euh memang uing nénjo intensitas hujan minggu-minggu terakhir ieu gedé/deras pisan, sigana éta salah sahiji penyebab ningkatna volume cai di walungan.
Ngan uing yakin derasna hujan nu turun, teu saderas ngeclakna cimata maranehna nu cinta-na digembrong rorongo usikbari, lantaran can payu-payu ogé. :|
Najan kitu, uing ogé yakin ka maranéhna nu cintana digembrongan, volume kasabaranana bakal terus nambah sairing waktu nu diperlukeun keur nununggu jodona.

Ngan asa teu bijak ogé euy lamun ukur nyanyalahkeun hujan, lantaran da kanyataannana loba hawangan/saluran cai nu mampet gara-gara runtah nunumpuk, nu matak nyababkeun cileuncang/banjir di sabaraha titik lembur.
Meureun bisa jadi kieu runtah-runtah harepan kosong nu dipiceun ka hawangan ku nu bogana, runtah kaémut nu ngabusuk lantaran teu kunjung pa'amprok, atawa runtah cinta-cinta nu diacuhkeun gebetannana.

Uing didieu ngan saukur ngaharepkeun, geura piceunlah galau ka na tempatna, ulah nepi ka pahili!

Hujan nyisakeun sedih keur maranehna nu kaleungitan hartana.
Komo keur maranéhna nu kaleungitan cintana.
Untung uing mah ngan saukur kaleungitan sempakna da ari cinta mah geus puguh leungit ti heula

Loba lalaki huhujanan dijalan, ngan saukur nyamarkeun cimata nu kaluar ti matana. (Ieu hiji cara ngakamuflasekeun ka-cémén-an si lalaki)
Kitu deui loba awéwé ngahuleng ngajentul di gigireun jandela bari nyenyekel pageuh kado terakhir ti kabogohna.
Dina gerentes hatena ngomong kieu: ''Semoga rasa ini hilang perlahan, seperti hujan perlahan menghilangkan debu di dedaunan''
(Teu karasa lého ngeclak ka na biwir…Hap…Hap…! terus dilétak) koheeek cuih

Geus ah bersambung

SELAMAT PAGI SINDANGWANGI

Waaah pagi ini langit Sindangwangi begitu biru cerah setelah kemarin langit mendung menyelimuti kampung.
Cit cit cit  kicauan burung saut menyaut masih terdengar, kupu-kupu warna warni berterbangan melengkapi pagi yang cerah berseri di sela-sela aktivitas manusia dalam
menapaki hari.
Langit biru pagi ini seakan mengusap segala kenangan yang terjadi seminggu yang lalu.
Hampir setiap hari, awan mendung disertai hujan dan angin selalu menyapa.
Kini langit telah kembali biru dan cerah.

Jika pagi ini awan mendung masih menyelimuti wajah kita.
Kemuraman, kesedihan, kemarahan, kejengkelan… masih mengelayuti kita.
Sibakanlah semuanya itu, dan buang jauh.
Lihatlah pagi ini langit tampak biru cerah.
Sayang sekali jika hati ini, masih menyimpan segala kepahitan dan kegetiran diri.
Langit pagi ini begitu cerah.
Semoga secerah hatimu dalam menjalani hari demi hari.
Selamat pagi muda-mudi Sindangwangi rasakan pagi ini dengan penuh sensasi. Untuk yang punya informasi terkini seputar Sindangwangi, mari share di blog ini, makasi...
Suka ·  · 


PESTA HAJATAN SINDANGWANGI

Sudah kedua kalinya sebuah hajatan besar berlangsung di desa Sindangwangi, hajatan ini merupakan serangkaian hajatan seperti khitanan atau pernikahan dari salah seorang warga setempat yang dianggap mampu atau sukses dalam menggeluti usahanya.

Seperti tahun-tahun sebelumnya, hajatan besar pernah berlangsung di beberapa warga desa Sindangwangi sebut saja diantaranya H. Soleh ketika hajatan pernikahan putranya dan Bpk Rustawi juga ketika hajatan pernikahan putranya, H. Soleh dengan kemeriahan pagelaran wayang goleknya, tak tanggung-tanggung dengan dalang yang cukup kesohor di tanah sunda Asep Sunandar Sunarya, sementara Bpk Rustawi dengan kemeriahan konser musik dari group kosidahan Almanar, sebuah group musik islami yang cukup terkenal di negeri ini saat itu.

Dan kali ini di tahun ini, sebuah hajatan besar dan spektakuler kembali digelar di desa Sindangwangi, hajatan yang akan berlangsung di salah seorang warga bernama Bpk Tatang ini dalam rangka syukuran khitanan putrnya yang ke tiga, untuk khitanannya sendiri sudah dilaksanakan seminggu yang lalu.

Hajatan dengan anggaran dana yang cukup ''wah'' ini akan memeriahkan masyarakat sekitar dengan kemeriahan pertandingan volly ball dengan total hadiah 10 juta rupiah (sudah berlangsung tiga hari yang lalu), selain itu hajatan juga akan dimeriahkan lomba gapleh dengan hadiah-hadiah yang cukup menggoda, pagelaran kuda ronggeng dan pagelaran wayang golek dengan dalang putra dari pedalang kondang Asep Sunandar Sunarya yang akan digelar pada tanggal 14 juli 2012 sabtu malam minggu nanti.

Menurut Kang Kuncung salah seorang panitia hajat, malam pagelaran wayang golek ini akan dimeriahkan juga dengan pertunjukan pesta kembang api, ini merupakan pertunjukan yang spektakuler tentunya, dimana langit desa Sindangwangi akan bermandikan cahaya layaknya seperti malam pergantian tahun ''Wah pokoknamah ieu mah hajatan pang mewah lah, rekor euy anyink'' kang kuncung juga memberikan statementnya mengajak warga masyarakat untuk datang di acara hajatan besar Bpk Tatang ini dan mengajak warga masyarakat desa Sindangwangi khususnya dan semua warga masyarakat Sekitar Sindangwangi umumnya untuk sama-sama mendukung hajatan ini dan menjaga ketertiban bersama demi kelancaran berlangsungnya hajatan besar ini.

Salam saya dari Sindangwangi

PANINEUNGAN KURING MAEN LANGLAYANGAN


Maén Langlayangan mangrupakeun salah sahiji hobi kuring basa harita budak kénéh, salain maenbal jeung sasapedaan.
Di desa Sindangwangi (lembur kuring nu jarakna 18 km ti pusat kota Majalengka) di lembur ieu basa harita maén langlayangantéh sering ku kuring maénkeun jeung pada batur-batur nu sapalantaran. Nincak ka SMP, kitu deui hobi ieu henteu ditinggalkeun ku kuring. Di bah kiduleun imah kuring di sabudereun blok pon turki alias turunan kidul
hehe... aya hamparan sawah nu kalintang legana ngarana sawah lega atawa umumna jalma leuwih loba nyebutna hulu dayeuh, Ieu tempat mangrupakeun salah sahiji “arena” nu alus pikeun maraén langlayangan pangpangna kitu gé salain tempatna aya di area nu luas tur di alam namprak ogé gelebug angina nu cukup gedé tur stabil pikeun ngapungkeun langlayangan, komo deui ditambah panorama alam sabudereunana nu sakitu éndahna, gunung ciremai nu ngajulang luhur ka ténjo di bah kidul siga nu adu paluhur-luhur jeung langlayangan nu ku kuring diapungkeun.
Kagiatan arulin ieu matak mawa rasa gumbira jeung tngtu baé ngajalin interaksi antar sakabéh sobat kuring nu milu maén langlayangan.
Nénjo langlayangan luar-léor di luhur bari dilataran ku gunung Ciremai jeung méga biru matak mawa rasa sensasi keur diri kuring. Suasanana bakal nambah ramé basa kuring jeung pada batur silih adu langlayangan. Kenur atawa senar tempat pikeun meungkeut langlayangan memang geus dipersiapkeun pikeun tarung atawa ngadu di luhur. Dibutuhkeun katarampilan diri pikeun mampu megatkeun kenur lawan. Lamun aya salah sahiji langlayangan nu pegat, biasana kuring jeung pada batur ramé sorak-sorakan bungah nyambut kameunangan éta.
Duh Gusti lembur
Sindangwangi matak waas kana ati.

NGABUBURIT

Jujur uing mah asa geuleuh euy nempo cara barudak ngabuburit jaman ayeuna, mun maranéh nempo ayeuna dijalanan sob, lailoooh..!!
Macét pisan cuuuy, PARAH!

Heueuh kadinya namah..
Maklum ogé sih, ayeuna kan Romadhon, jadi wajar loba nu ngabuburit téa.

Tapi nu matak uing teu habis
pikir mah yeuh, nya kunaon gening loba ngabuburit nu absurd?
Contona ngabuburit bari kebut-kebutan atawa balalapan motor, ngabuburit bari bobogohan, nangkod dibonceng di motor bari jeung kenyoy-kenyoy adek anuna, ngabuburit bari nongkrong di panci kolak cau, awas teuing mun pahili jeung cauna, ah nanaon deui ieu admin? 



Ayeuna manéh ngabuburit bari kebut-kebutan motor?
Nya cik atuh mikir Ieu nilai ibadahna dimana geura sob?
Dimanaaa dimana dimana?
*Geura tanya Ayu Tingting!*
hakhakhak...

Mun kitu mah lain ngabuburit nungguan bedug maghrib atuh sob, tapi ngabuburit nungguan dijemput malaikat deuleu, atawa ngabuburit nungguan dijemput aparat polisi kitu cara namah.

Mun hayang ngabuburit bari balapan, cik atuh balapan nu positif jeung mangfaat sob!
Misalna yeuh milu kagiatan PESANTREN RAMADHAN bari balapan ngudag perhatiana panitia awéwé, hihihi...
Switwiiiit *sah..*
Kabeneran yeuh ayeuna Remaja Masjid Sindangwangi taun ieu ngayakeun deui kagiatan PESANTREN RAMADHAN nu tempatna di Masjid Ja'mi Alhidayah desa Sindangwangi.

Alhamdulillah peserta nu tos daftar tos aya ka 100 urang na leuwih, cukup daftar lima rebu rupiah meunang ilmu mangfaat, kalakuan moal bejat bonus tabungan akherat, bener teu? 



Ok balik deui ka soal cara ngabuburit barudak jaman ayeuna, Salain balapan nu tos disebutkeun ku uing tadi, ngabuburit nu anéhna deui nyaéta ngabuburit bari mojok bobogohan di taman kota!
Teu percaya? Soook geura ténjo cék di sabudereun Alun-alun Majalengka. *bah hareupna soook!*

*Ieu uing siga intelijen BIN –>
Brigade Intip me-Ngintip* 



Manéh kan apal yén puasa téh ibadah, sedengkeun mojok mah kan “ihparah”,
Sooob..Sob..!
*Sok suci pisan nya uing?
Hakhakhak..! -muncrat aneka ragam jigong-*

Siga-siga kieu gening manéh mah ibaratna aliran moderat, satengah dosa dimixing ku satengah pahala, jadina manéh mah aliran abu-abu.
Basa manéh dipaksa pikeun beraliran bodas, terus manéh kalah ngamuk bari ngajerit:
“Embuuung..! aing teu hayang jadi jalma suci sautuhna!”
''Aing hayang hirup aing noda ku dosa, aing hayang dosa!
Nodai aing..Nodai aiiing..!'' *gubrak* salam berkokok

#Ket Poto :
Tampak Kang Indi salah saurang panitia Pesantren Ramadhan keur nyusun huruf-huruf dina spanduk mantuan uing nu keur fokus nulis huruf perhurufna

PARTAI DAKWAH NU SARAKAH

Enya pisan, mun uing nempo taglinena mah alus pisan da tateh,…Partai Dakwah…..
(buset daaaahhhhh, dagoan nya.. Uing rek pingsan heula) ah, apal definisi dakwah? Jero pisan lain ?. trus, apal saha nu pantes dakwah??….(nu jelas mah uing teu kaasup) da uing mah teu bisa ceramah di muka umum, bisana nulis, maklum eraan hehe... Sok sanajan uing siga kieu, ngan otak uing masih waras. Nu ngarana jalma berdakwah kuduna jalma nu bener, minimal tingkah polahna sesuai jeung omongannana. Di pikiran uing, nu ngarana ustad teh nya…jalmana taat, bageur, alim, jst, jst.
lah mun aya jalma2 nu ngaku2 pinter agama, dakwah diditu-didieu, ai pek sihoreng MALING kabeh.
Geus dititah tah balikeun deui hasil MALINGNA MANEHNA….masih wae rudet……
IEU NU GELO SAHA SIIIIIH? Duh, geura sok cek di google, mun aya maling alias munaafikun alias kutu kupret rek nyalonkeun jadi pamimpin terus ternyata sukses….…. Nu gelo berarti … nu milih. ……
hahahaha…. ngarti lain maksud uing?
Ayeuna uing sieun bener lamun nempo spanduk2 partai dakwah di pinggir jalan, sieun uing mah katepaan gelona…..hahahaha

CENGEK

Uing maca di internet poe ieu eusina berita Harga Cabe Rawit menembus 50 ribu/kg. Teu butuh waktu lila uing gancang ngahaja hayang ngabuktikeun meuli cengek ka warung Ma Awit jang ngieun sambeleun pencok, maklum da teu jauh ieuh ti imah teh.

Wokeh lanjutnya, sekitar dua menit uing ngagidig leumpang ka warung Ma Awit, langsung bae uing nunjuk cengek nu di karanjangan ku totolonok. Pok uing nyarita ''Ma Awit, sabrang jepunna sarebu...'' ''No no no teu bisa deui Yud, emak keder merena sarebueun mah, dua rebueun bae nyah...?'' ''Nya atuh heug ma'' Terus ceg Ma Awit nyokot kertas koran keur ngabungkus cengek.

Nepi di imah langsung bae bungkusan cengek teh ku uing gancang dibuka... Euleuh euleuuuh (uing olohok kembang kadu) eta bungkusan teh eusina ngan saukur 7 siki cengek!! Teungteuingeun... Luarrr biasa. Internet teh teu bohong. Malah mah kenyataan di warung LEUWIH KEJAM!! Biasana, warung ma Awit langganan uing teh sok mere emboh cengek gratis nu lumayan loba lamun manehna teu boga duit susukan 500 perak tea. Naha ari ayeuna, 2rebu keur nyambel ge asanateh moal lada lada acan

Kumaha kabutuhan pokok nu liana? Teu kudu dituliskeun didieu, nu jelas mah Menteri Perdagangan ngan saukur bisa pok ''Tenang saja harga-harga stabil...'' Heueuh STABIL NAEK jeung MAHALNA, kitu deui SBY bisana ngomong ''Rakyat jangan cemas... yang dinaikan cuma BBM...'' Nya, manehna kan ngan saukur dahar GRATISAN di istana, dilayanan deui.

Romadon can datang. Boboran masih sabulan leuwih keneh. Hayu kencangkan ikat pinggang kita bilih kadodoran ngirit eta koncina, lantaran nu gaduh ikat pinggang mah iwal rahayat. Pejabat jeung presiden mah teu boga matak geura tenjo beteungna BUNCIIIIIIT...

Minggu, 01 September 2013

TEU UMUM JEUNG BATUR

Mun merhatikeun papakean nu diparake batur di na lebaran ieu, uing mah asa jadi garetek hayang nulis, nulis sesuatu tentang diri uing, dibaca nyah!!

Uing teu apal benerna kumaha, nu jelas mah waktu aya jadwal pembagian sifat jeung watak jalma ti nu Maha kawasa, uing mah kabagianna watak nu nyleneh, aneh, teu umum jeung batur. Mun ceuk basa keren na mah anti-mainstream uing teh

Conto leutikna kieu, ''Calana Pensil''. Taun-taun ka tukang basa keur booming nu ngarana calana pensil (boh pensil 2B, HB, boh pensil warna) ckckck. Calana pensil ieu bentukna nya siga pensil : badag/gombrang di luhur, merecet di handap. Mun calana cutbray (calanana Elvis Presley) heu'euh apanan merecet di luhur gombrang di handap, tah lamun calana braycut? Baraycut mah gombrang di luhur, merecet di handap. Nu leuwih ekstrem deui mah ngarana skinny jeans cenah nu suueeemmpiiitt, mliithiiitt, mereceeet, meteteeeet pisan pokokna mah. Istilahna full pressed body kitu lah

Dina hebohna usum loba jalma mareuli calana nu model kararitu patut (meh gaul cenah mah), uing mah justru ngahindar calana kitu teh. Kahiji, uing mah asa karunya ka my little (but strong) brother mun kudu ngahephep bae di ruangan nu sempit jeung kadedetkeun kitu teh.
Kitu deui, nu kadua uing mah ngabayangkeun cara mamakena bae geus serem sieun, sieun peureus lecet kabeh suku uing, maklum suku uing mah berbulu nepi ka leungeun-leungeun geura. Komo mun ngudaranna pas kebelet hayang be'ol geus di ujung palangkakan. Waduuuh bisa-bisa semburan magma bucar-bacer kamana-mana lantaran ripuh muka calanana
Jeung deui, lantaran model nu karitu geus ngabludak loba nu make. Soook geura tenjo di pasar, di angkutan umum, di pom bensin, di WC Umum, nepikeun di sakola siswa lalakina sareneng marake calana abu-abu nu ngahaja dibraycutkeun padahal aslina eta calana seragam sakola da teu kitu, pokona mah dimana-mana kabeh marake calana braycut tea. Sedengkeun ari uing boga watak teu seneng mamake sesuatu nu terlalu loba dipake batur. Jadi nya nepi ayeuna geh uing mah can pernah make (boh meuli dewek boh maling di popoean tatangga) calana pensil, eh tapi nginjeum mah pernah sih hehe... Ngan nya kitu buru-buru diporosotkeun deui da teu kuat ku eraaaa :$

Ngomongkeun calana, ti mimiti uing leutik keneh ( masih unyu-unyu) nepi ka ayeuna remaja dan sekeren ini uing mah da asa leuwih resep mamake calana pondok maksimal satuur, minimal nya sapondok-pondokna, hotpants geh uing boga da. Keur urusan hotpants khusus uing make paranti peuting (nu geus mikir mikir yen ari peutingna uing mangkal, siap-siap dibaledog ku uing). Hotpantsna oge atuh da lain ti na jeans nu sok dipapake awewe kitu. Ngeunah bae.. Sok dusun emangnya akika cowok apaan, booo…
Uing mun make calana panjang ge pilihanna ngan aya tilu : calana kargo/semi-jeans, calana jeans standar atawa calana alusan (ceuk batur mah calana kain, padahal mah kabeh calana mah memang da kain ). No pencil pants (ieu lain bahasa Inggrisnya?), braycut pants, or hipster pants. Just short.

Hal mainstream nu lianna ngeunaan alas kaki (sendal atawa sapatu). Uing teu apal tepatna, nu jelas mah ceuk panenjoan uing jalma-jalma jaman ayeuna nu karek manggih gaya, cuih... Ayeuna keur trend mamake sendal jepit surfer ku branding khas surfer (Quicksilver, Billabong, Spyderbilt, jeung rea deui). Mun sapatu uing nepi teu apal ayeuna keur booming nu model siga kumaha. Nu jelas nepi ayeuna uing tetep leuwih seneng make sendal tali resmi atawa sapatu santai casual asa leuwih simpel weee rasa teh, bener teu? Ah Teu usum? Teu model? Teu stylish? Teu masalah, kajeun teuing, kumaha uing, tibatan maraneh marake kaos nu tulisan sablonna ngaran ''KEHED'' mani usum serempak loba nu marake, asa geuleuh ih wkwkwk...

Terakhir ngeunaan Gadget. Mun nu ieu uing mah yakin pasti loba pisan jalma nu mati-matian mengikuti perkembangan mode atawa gaya pamakean gadget.
Uing geh da sarua ngikuti oge sih, ngan mun geus mulai usum loba nu make uing mah embung.
Harita basa booming usum hape qwerty, uing tetep satia kana tombol biasa. Alesanna? Era atuh da sarua siga jeung batur. Basa booming Blackberry barudak SD, barudak ABG (nepikeun tukang ngajaga WC Umum oge bogaeun BB) jadi asa hoream deui makena lantaran jujur asa geus leungit nilai eleganna eta hape, hari gini pake Bebe capek deeeh hehe, ayeuna uing leuwih milih make android nu touchscreen. Ngan nya kitu asa geus mulai menjamur deui bae yeuteh, geus mulai karasa era mamakena, next target uing selanjutna nyaeta Windows Phone, mumpung can loba nu make, ngan nya kitu mun engke aya nu tuturut munding nurutan uing, kaligane booming usum dimana-mana ku uing rek ditinggalkeun eta hape, uing leuwih milih ka hape jadul bae, target uing Nokia 320i, asa kaingetan ku tagline iklan mangsa baheula ''begitu kecil begitu cerdas'' insya Allah make hape eta mah moal umum jeung batur teuing
Nya kitu da uing mah alesana lantaran uing mah teu seneng, teu nyaman, lamun mamake barang nu geus umum pisan dipake ku loba jalma jeung barangna keur booming. Asa kampungan. Sakali deui asa K A M P U N G A N

Kasimpulanna, uing kadang panasaran ku watak uing ieu. Teu jarang uing sok diomongkeun batur-batur uing lantaran teu saprinsif dina hal gaya (teu umum jeung maranehna), dibaledogan tomat, digabigkeun ka wahangan, dibebeskeun kana tong sampah, teu gaul tibatan batur-batur uing. Da kumaha uing sorangan justru ngarasa aneh lamun mamake barang nu sarua dipake hampir ku sakabeh jalma, justru kesan uing asa karasa norak. Aneh nyah uing?
Bae ah, aneh tapi keren kan?